Daridesa.com | Karya – Balébat karék datang sajorélat. Mawa hibar di langit tingarudat. Pa Engkos mah geus hudang, malah manéhna geus mariksa deui pakakas bawaeun ka sakola. Sabenerna mah Pa Engkos téh sok tatahar ti peuting kénéh, nyiapkeun pakarangna ngajar di sakola. Bisi aya nu poho, dari pada kudu balik deui ka imah.
Sora adan ngagalindeng meupeuskeun simpéna lembur. Mawa tingtrim kana ati-sanubari. Sabada salat subuh, Pa Engkos geus miang ka sakola. Ma’lum sakolana jauh ti imah manéhna. Kurang-leuwih aya 30 Km jarakna. Biasana, manéhna sok mekel timbel nu sok disadiakeun ku istrina. Kajaba lamun keur puasa mah. kabeneran ayeuna téh poé senén. Jadi, manéhna teu mekel timbel.
Sora manuk rampak sapanjang jalan mirig maranéhna nu nyiar rejeki. Nyar rejeki kalayan clik putih clak hérang, muru rido-Na Gusti Illahi Robbi. Di jalan, Pa Engkos ningal nu geus saraged. Aya jurutani, tukang bubur, tukang metik, jeung lianna.
Sakeudeung manéhna rumahuh bari nuluykeun miang ka sakolana. “ Duh, Gusti, alam urang nu beuki ruksak baé. ” Ceuk manéhna bangun prihatin. Motorna laun majuna di jalan nu taringgul. Tacan kapaliré ku pangwangunan.
Anjog, Pa Engkos eueurn heula sakeudeung. manéhna nyawang gunung nu ngalanglaung jeung sawah nu keur meujeuhna baleuneur ngupluk-ngaplak nu geus béak. Gunung geus ampir rata jeung lemah, sawah geus disaeuran ku barangkal. Ceuk béja mah rék dijieun komplék perumahan.
Saméméh wanci carangcang tihang, Jajang sabatur-batur geus mariang ka sakola. Mani bangun sarumanget; sumanget rumaja SMA. Sumangetna lir agni nu ngabebela ‘na dada maranéhna. Sapanjang jalan teu weléh sempal-guyon gogonjakan.
“ Jang, manéh geus can PR biologi?” Dédén nanya ka Jajang.
“ Enggeus atuh kuring mah. Jajang téa, siswa nu panggetolna. Hé..hé ..” Ceuk Jajang.
“ Aya naon kitu, Dén?” Jajang malik nanya ka Dédén.
“ Alus atuh. Lantaran manéh mah enggeus, Jang, cing atuh kuring nempo. Kapan berbagi itu indah.”
“ Ih, ceuk saha ari manéh, Dén? Manéh daék kitu lamun kudu berbagi cinta?” Éman miluan némbrong.
“ Wéw, teu daék atuh. Kajaba masalah cinta mah. Ha..ha..” Ceuk Dédén bari seuri nu rangu.
“ Heup ah. Hayu, urang buru-buru ka sakola! Bisi elat. Kapan lamun urang elat, pasti ké upacarana di barisan husus, jaba Pa Engkos guru pikétna!” Jajang mungkas guneman.
“ Siap, Komandan!” ceuk Éman.
Barang nepi di sakola, katémbong Pa Engkos geus datang.
Kacamatana nu kandel, kopéah hideung meles, sapatu nu hérang, jeung simana geus karasa barang nepi di gerbang sakola. Kabeneran poé senén téh guru pikétna Pa Engkos. Kawéntar ku barudak mah yén anjeuna téh guru killer.
Pa Engkos ngajar biologi; guru sénior di sakola. Geus ngalemah manéhna di éta sakola. Ma’lum, ngajarna geus leuwih ti dua dasawarsa.
Tréng…tréng…tréng…sora locéng ngabelentréng. Barudak ti kelas 10 nepi ka kelas 12 geus ngajajar ‘na barisanana séwang-séwangan. Sagalana dibebenah. Aya nu ngarapihkeun tiung, aya nu ngarapihkeun topi jeung dasi; menerkeun tali sapatu jeung lianna. Barudak OSIS nu ngatur barisanana sangkan merenah.
“Pimpinan saya ambil alih, siap grak!” Jep saréréa dumadak jemping taya anu nyoara. Tingtrim. Nu kapireng téh ngan sora angin nu ngulinkeun tangkal camara. Anu kapapancénan jadi petugas ogé katémbong geus sariap. Kitu deui bapa jeung ibu guru. Kabeneran anu jadi pembina upacarana Ibu Kapala Sakola ogé geus siap. Sadayana tos sariap. Upacara dimimitan.
Di alam dunya téh sagala rupana geus aya pasanganana. Aya bodas, aya hideung. Aya beurang, aya peuting. Aya caang, aya peteng. Aya hadé, aya goréng. Kitu ogé di sakola aya nu disiplin, aya ogé anu teu disiplin. Aya siswa anu balageur, aya ogé siswa nu baragajul. Poé senén téh réa nu elatna harita mah. Aya duapuluh urang, awéwé jeung lalaki. Nu arelat poé harita kacida nginggang apesna. Saidéalis-idélisna Pa Engkos, angger baé nalika ningal siswa nu teu disiplin mah manéhna nepak tarang.
“ Duh, Gusti, manawi aya nu lepat dina ngantik barudak téh?” anjeuna tumanya ka dirina sorangan. Laju, manéhna rumahuh. Dalah dikumaha, Pa Engkos ngan ukur bisa ngusapan dada.
Pa Engkos neuteup seukeut ka barudak nu arelat. Luk tarungkul, taya nu wani neuteup kana matana nu pinuh ku sima. Ku manéhna dicutat ngarana hiji-hiji. Laju, ditanyaan alesanana maké elat ka sakola. Kacida réana alesanana. Alesan nu sakira-kirana bisa nyalametkeun. Aya anu asup akal, aya ogé nu teu asup akal alesanna téh.
Aya nu tag-tég-tog, aya ogé anu lancar taya hahalang nalika nepikeun alesanana. Aya nu dumarégdég, aya ogé nu kalem-kalem baé. Kumaha wé lamun keur ulangan lisan. Da ari alesan mah teu bisa diapalkeun, da dumadakan téa. Kajaba lamun geus diniatan elat ka sakolana. Jadi, geus disiapkeun skénario nu panghadéna.
Laju, Pa Engkos malédogkeun teuteup seukeutna ka murid pangelatna. Ngaranana Junéd, budak kelas dua belas IPS. Rey keuheul. Kagambar pisan ‘na beungeutna Pa Engkos. Lain padah pangletana, tapi lantaran si Junéd bau roko.
“ Néd, manéh geus ngaroko?” Ceuk Pa Engkos.
“ Henteu, Pa, kuring mah teu ngaroko. Najan kuring rumasa budak baong, Bapa teu meunang nuduh kitu baé atuh. Kudu aya buktina heula!” Junéd némpas. Manéhna nepikeun panyangkal yén cenah teu ngaroko. Nada ngomongna ogé rada luhur, taya pisan rengkuh, komo deuih sopan-santun.
“ Coba, Bapa ningal kantongna!” Ceuk Pa Engkos. Ajeunna nguji kana kajujuran si Junéd.
“ Ah, embung atuh, Pa. Sumpah teu ngaroko!” Beuki luhur baé nada ngomongna. Manéhna teu daékkeun ngaku, malah bari susumpahan sagala rupa. Asa aing uyah kidul meureun, asa ngajéger di sakola. Nepi ka manéhna wanieun ngalégég di hareupeun Pa Engkos.
“ Ari teu rumasa mah manéh teu kudu kitu atuh!” Pa Engkos rada nyindiran.
“ Eu..eu…ieu atuh, Pa. Bisi Bapa teu percaya.” Sok, manéhna mikeun kantongna. Junéd taya pilihan deui iwal ti masrahkeun kantongna ka Pa Engkos. Bangun nu kacida kapaksana. Meureun bisi matak leuwih ngabarubahkeun ka manéhna sorangan. Pikiranana poék mongkléng. Pikakeuheuleun, tapi watir lamun geus ninggang kitu mah.
Gap kantongna ku Pa Engkos. Kantongna kacida hampangna. Sigana mah teu mawa nanaon. Ngantongan angin ieu mah. Ceuk haténa Pa Engkos. Bray kantongna dibuka. Kosong-molongpong kantongna. Mani teu niat pisan sakolana ogé. Kumaha rék majuna ieu nagara mun budak sakolana ogé modél kieu? Gap dirampaan, bener wé sangkaan Pa Engkos. Kapangih roko satengah bungkus jeung korékna. Urut ngaroko tadi sigana mah. Lantaran Pa Engkos guru biologi, anjeuna pasti apaleun budak nu geus nyandu kana roko.
“ Ari ieu naon?” Ukur éta kalimah nu kaluar ti Pa Engkos bari nébongkeun rokona ka si Junéd. Si Junéd sabatur-batur nu arelat ngembang kadu. Asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Luk Junéd tungkul. Beugeutna asak, beureum pisan.
“Duh, cilaka aing!” dina haté si Junéd nu teu bisa nundung rasaning kaduhung. Rokona mah dirampas baé ku Pa Engkos. Tuluy, barudak nu arelat diabringkeun ka lapang upacara. Dibariskeunana ogé nyanghareup pisan kana srangéngé, barisan husus pikeun murid nu teu disiplin. Nu kabeurangan jeung sajabana.
Pa Engkos téh wakil kapala sakola widang kasiswaan di sakola ti mimiti ngajar di dinya. Rupaning pasoalan nu aya patalina jeung murid tangtu geus kasorang ku manéhna. Baheula mah tara kagok lamun ngahukum budak nu luncat bénténg téa mah, mabal ti sakola, ngaroko, nga-bully, majeg, jeung palanggaran lianna nu teu bisa disebutkeun hiji-hiji. Sigana mah lamun daék, éta bisa jadi carita anu kacida alusna dijieun novel atawa film layar lébar.
Aya hoé saleunjeur minangka hadiah istiméwa pikeun murid nu baragajul. Ceuk nu balangor, amarahna Pa Engkos téh sigana geus namper. Malah geus ngagunung; manggunung-gunung. Padahal éta téh tanda kanyaah ti guru ka nu jadi muridna. Ngan sok salah napsirkeunana.
Murid kiwari mah kalah leuwi pro atawa jadi tim afirmasi mun tina debat téa mah ka guru anu kalem-kalem baé; ngantep. Padahal mah guru nu ngantep téh aya tilu harti atawa malah loba. Nu kahiji nya éta sikepna éta guru anu kalem teuing, nu kadua nya éta manéhna geus pusingeun kana paripolah muridna, jeung nu katilu mah asa teungteuingngeun. Naha maké teungteuingeun? Lantaran nu katilu mah nya éta guruna boga sikep mangsa bodo kana laku-lampah muridna. Ah, meureun da budak batur ieuh.
Béda deui ka guru anu mentingkeun kadisiplinan mah. Murid téh kalah kontra atawa jadi tim oposisi. Matak nepak tarang. Pirang-pirang aturan téh geus jadi pager nu ngawatesan pikeun ngantik. Ayeuna mah tuda saeutik guruna ngahukum muridna, bébéja ka kolotna. Leuhung nu kitu mah. Malah sok jadi viral; sabiwir hiji. Nepi ka guruna dilaporkeun ka pulisi.
Mun ngagugu kana napsu, seug teuing ari embung diwarah di sakola mah. Engké nyieun kurikulum sorangan, ngajar sorangan, meunteun sorangan, nyieun rapor sorangan, jeung nyieun aturan sorangan. Pokona mah kabéh nyieun ku sorangan. Ngarah bébas. Tapi kaidéalisan Pa Engkos nu nguatkeun manéhna, mareuman seuneu napsuna.
Keur Pa Engkos mah henteu saperti kitu. Lantaran di sakola téh pancén guru iwal ti nepikkeun élmu nu kudu saluyu jeung kurikulum nu pajurawet téa, kapan guru ogé kudu bisa ngantik pikeun ngawangun kasaimbangan antara IQ, EQ, jeung SQ-na. Ngan nu leuwih utama mah nya éta ahlak. Ahlak ti diri ka Gusti Illahi Robbi atawa ahlak ti diri ka sasama jalma.
Na ka mana atuh ngabalukarna dunya atikan di nagara urang, lamun sistimna samodél kitu? Dina haté Pa Engkos. Éta téh tanggung jawab guru ka murid anu satemenna. Lain ukur léos ngajar wungkul ngarangrangan kawajiban. Lain, lain kitu numutkeun Pa Engkos mah.
Kapan ayeuna mah leuwih babari diajar téh. Dina HP geus réa média pikeun saréréa dialajar. Kari klik, sakilat langsung aya. Nanaon ogé geus babari kiwari mah. Kari daékna wungkul, nyinglar rasa kedul. Ngan nu moal dibeunangkeun dina bimbel (bimbingan belajar) atawa pangajaran online mah nya éta atikan ahlak jeung kanyaah kolot ka anakna; kanyaah guru ka muridna.
Nalika ngajar di kelas, Pa Engkos teu weléh nyelapkeun pépéling yén élmu téh kacida pentingna, tapi lain sagala-sagalana. Sabab, Indonésia mah geus réa jalma palinter. Anu pinunjul dina rupa-rupa pasanggiri ogé geus loba nu ngajaul préstasina ka alak paul, ngalanglang buana nepi ka tingkat internasional.
Loba jalma pinter tapi goréng ahlakna. Da koruptor ogé kapan jalma nu luhung sakolana. Nu matak ngaranna ogé mani kuat ranggéténg ku pangkat jeung gelar. Jadi, di Indonésia butuh ku jalma nu matri dina dirina akhlakul karimah. “ Akhlak téh kalungguhanan luhureun élmu!” Ceuk Pa Engkos ka murid-muridna.
Sanajan dina haté Pa Engkos teu kendat miharep murid nu calakan dina widang paélmuan hususna dina widang biologi. Lain. Lain éta nu jadi cita-citana nu sajati mah. Tos kalintang bungahna, asa ditonjok congot, mun ningal muridna jadi jalma budiman nu miboga akhlakul karimah. Nu matak, Pa Engkos ogé sok peupeujeuh: “ Urang téh ulah poho kana kawajiban urang ka Pangéran! Sanajan loba pancén ti sakola, di mana baé, iraha baé, tong mopohokeun waktu nu lima. Ulah eureun kana ngaji. Paham?” Ceuk Pa Engkos dina hiji mangsa. “ Paham, Bapa.” Muridna rampak ngajawab.
“Bapa mah teu butuh murid nu peuteun 100 atawa nu réngking kahiji. Nu pangpentingna mah soléh jeung amis budi. Keur Bapa, éta nu peunten 100. Malah mun bisa jeung lamun aya mah dibéré peunteun 1000 ogé. Pokona mah terbaik!”
Pa Engkos ngacungkeun dua jempolna. Para murid bet kasima ku éta kalimah nu kedal ti Pa Engkos. Nepi ka iraha baé, Pa Engkos, Engkos Koswara, moal peunggas pangharepan icikibung dina dunya atikan nu kiwari beuki pajurawet baé. Cita-cita nu nyadas dina dadana nya éta hayang nyitak generasi nu miboga akhlakul karimah nu baris ngabakti ka lemah caina.
BIODATA PANGARANG: WALID MUHAMMAD TAUFIK, PURWAKARTA, 27 APRIL 2002. PITUIN: DÉSA NÉGLASARI, KACAMATAN DARANGDAN, KABUPATÉN PURWAKARTA, SAKOLA: SMA NEGERI 1 DARANGDAN.
HOBI: NULIS JEUNG MACA (HUSUSNA DINA BASA SUNDA)
CITA-CITA: SASTRAWAN; GURU BASA SUNDA
Kabar dari desa | Membaca kampung halaman