Kabar

Sajak Sunda “INGKAR”

Jurnal Warga, daridesa.com – Rehe geus ngacak-ngacak hasrat jadi rebuan nafsu
Ayeuna maneh ngajadikeun
Sanjata Jang ngahianat

Dina tingtrim wanci peuting
Maneh nyoret tanda biru
Ngahiji Jeung renghap nu saling muru
Poek geus nyurungkeun maneh
Kana jongkrang anu nutug
Sarta hese asup cangrana bulan

Laas daun Jeung lukisan
Maneh ngukir pinuh karaguan
Satitik nilai ngeclakan amparan salju
Warna bodas ganti jadi kayas
Mun peuting ganti ka isuk
Lukisan teu katembong simana

Penulis: Tita Suminar

Berita Dari Desa | Membaca Kampung Halaman

Film Panca Waluya Dari Desa Kiarapedes Purwakarta Masuk Nominasi 5 Film Terbaik Kemendes