Daridesa.com, Sajak –
Rehe geus ngacak-ngacak hasrat
jadi rebuan nafsu
Ayeuna maneh ngajadikeun
Sanjata Jang ngahianat
Dina tingtrim wanci peuting
Maneh nyoret tanda biru
Ngahiji Jeung renghap
Nu saling muru
Poek geus nyurungkeun maneh
Kana jongkrang nu nutug
Nu teu keuna ku caang
Cangrana bulan
Laas daun Jeung lukisan
Maneh ngukir pinuh karaguan
Satitik nilai netetesan amparan salju
Warna bodas ganti jadi kayas
Mun peuting ganti ka isuk
Lukisan teu katembong simana
Karya: Tita Suminar, Penulis Sastra, Pegiat Literasi Kopel Purwakarta.