SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Blog

Sajak; Rahmat Illahi Rabbi

Daridesa.com |Sajak – Sawah héjo ngémploh.
Sagara ngampar nyimbutan buana. 
Legana sempalan buana.
Henteu salega rahmat Illahi Rabbi. Rahmat-Na taya bandinganana.

Jerona jaladri. 
Bisa kénéh diteuleuman. 
Masing jerona manah.
Taya bisa anu neuleuman. Nanging langkung jero kanyaah Illahi Rabbi.

Caang cahya damar
Pucukna satia maturan wengi
Teu kasilir ku cahya bulan
Miwah béntang baranang Sagalana nyumput seja nyambut Nalika srangéngé medal
Hamo lewih caang ti hidayah Illahi Rabbi.

Saha? Saha anu bisa nétélakeun?
Yén aya anu sabanding atawa ngaleuwihan.
Naon? Naon anu leuwih nangtayungan?
Timbalan Rahmat Illahi Rabbi.


(Purwakarta, 15 Desember 2018)

Geodesa Lab DDP IPB Siapkan Pelatihan Geospasial Desa, Perkuat SDM Pemetaan Presisi untuk Pembangunan Pedesaan

Wasta : Walid Muhammad Taufik.

Alamat Lengkap: Kp. Nenggéng, Ds. Néglasari, Rt.005 Rw.003 No.03, Kec. Darangdan Kab. Purwakarta.


× Advertisement
× Advertisement